Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

SMS Ucapan SELAMAT IDUL FITRI BAHASA SUNDA

Tepat Dihati Langsung saja gan berikut informasi tentang KUMPULAN SMS SELAMAT LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA hahaha ane juga gak ngerti soalnya bukan orang sunda nahh kalau pun kebetulan anda orang sunda silahkan bisa di lihat di bawah ini KOLEKSI UCAPAN IDUL FITRI BAHASA SUNDA
Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1433 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1433 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura, Wilujeng boboran shiam 1433 H

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran.. tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.. mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri.. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Hapunten samudaya kalepatan.

Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1433H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeuri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqobalallahu minaa waminkum.

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1433 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran shiam

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran shiam

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan, Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiam 1433 H